Posted by : Unknown Jumat, 23 Juli 2010

Biantara Bubuka dina Acara Lawung Budaya

Bismillahirrohmanirrohim,
Puji rawuh sukur langkung ti payun dihaturkeun ka hadirat Ilahi Robbi, anu parantos maparinpareng ka urang sadaya dugi ka tiasa tepung lawung dina danget ieu. Kantenan sim kuring seja ngahaturkeun pinten-pinten nuhun, utamina ka Bapa Bupati Bogor, ka parapajabat pamar�ntah anu ngahaja ngersakeun sarumping, ka sad�rk-sad�r�k anu ngahaja sumping ti tebihna, ti Jakarta, ti Sukabumi, ti Cianjur, sareng ti Bandung. Kantenan ka pribumi urang Bogor mah sim kuring ngahaturkeun r�wu-r�wu nuhun, wirvh kersa ngaluuhan ieu riungan Lawung Budaya.
Katumampian nu teu kinten ageungna teu hilap ku sim kuring dihaturkeun ka pun lanceuk, Ceu Tien Rostini Asikin, anu taya reureuhna kencar-kencir ngiring kaririweuhan, ti nalika tatahar tug dumugi ka kawujudkeunana ieu riungan.
Parasad�r�k anu ku sim kuring dipihormat,
Ku pangjurung ti mitra-mitra anu sering riungan, sim kuring kapent�s gaw�, kedah sumanggem pikeun ngedalkeun naon anu janten purwa lantaran, sareng naon anu janten maksad katut tujuan urang ayeuna ngayakeun acara Lawung Budaya. Sim kuring nu katempuhan, tamahna rumaos sim kuring pisan awitna ngabijilan hoyong ngayakeun Lawung Budaya di uanggal kabupat�n nu aya di Tatar Sunda t�h. Tumali sareng �ta, neda widi sim kuring seja muka tungkus pamaksudan, ngedalkeun anu lawas kapiangen.
Parasad�r�k,
Sakumaha anu tos kauninga ku sadayana, ray dinten, ray dinten t�h masarakat urang teu aya kendatna ditaragal ku kabudayaan anu jolna ti luar. Dina leresan bocok mah tangtos pisan kabudayaan Sunda t�h. Sakapeung mah urang t�h sok salempang, boa-boa baris karandapan jati kasilih ku junti. Tapi ah, palias teuing.
Kanggo ngungkulan ieu kaayaan anu kacida pikasalempangeunana, teu aya san�s, urang anu sadaya sugri ka Sunda kedah guyub akur, sapamadegang ngahiji, pikeun ngaujudkeun katahanan budaya Sunda. Pikeun ngahontal hal ieu, urang peryogi nyusun l�ngkah-l�ngkah sareng strat�gi, anu salajengna dilaksanakeun kalawan daria.
Ku �mutan sim kuring, kaayaan anu sapertos ayeuna t�h teu tiasa diantep, urang teu tiasa api lain meungpeun carang, jalaran hal ieu t�h janten masalah ungkulaneun sugri urang Sunda. Atuh kantenan kedah aya riungan anu medar sareng nembrakkeun masalah, enggoning mikawanoh masalah naon anu saleresna dipayunan ku urang sadaya, hususna masalah anu aya rambat kamal�na sareng seni, budaya, katut basa Sunda. Upami urang sadaya parantos sapanyawangan kana jentulna masalah, nemb� urang barembug deui, kedah kumaha ngungkulanana. Anu gaduh kawajiban pikeun milarian tar�kah masalah t�a, teu aya deui iwal ti tilu pihak, nya �ta paraseniman sareng organisasina, pamar�ntah, sareng masarakat. Ku �mutan, ieu riunagn og� parantos pepek sadaya wakilna.
Salajengna, naon anu jadi udagan sim kuring saparantos pamaksadan tadi diuningakeun, teu aya san�s, nya �ta ayana pandangan sareng sikep anyar kana budaya Sunda, bari sakantenan nangtoskeun l�ngkah naon ba� nu kedah dipilampah ka payunna. Kitu udagan sim kuring t�h.
Para sad�r�k sadaya,
Numutkeun panit�n sim kuring, sabagian ageung masarakat urang, kitu deui parageged�n nagara, masih k�n�h kagungan anggapan y�n seni budaya t�h ngan pikeun hiburan, ngan mangrupi produk pikeun ngalelejar manah. Tebih tang�h kana tiasa ngaj�nan y�n seni budaya t�h hiji ciri id�ntitas bangsa, aj�n diri nu baris ngawujudkeun citra bangsa.
Anggapan sabagian ageung masarakat anu sapertos disebat nemb� t�h ngagambarkeun y�n wawasan seni budaya "maran�hna" masih k�n�h cupet tur heureut. Hal ieu teu tiasa diantep, urang kedah sat�kah polah nyingraykeun lalangs� paneuteup anu cupet t�a.
Kanggo conto kumaha hasilna seni budaya anu tadina ukur jadi miliki hiji bangsa, nanging ahirna janten banda seni budaya dunya, contona karya seni L�onardo da Vinci, Van Goh, Rembrant, Picasso, Mozart, Beethoven, sareng seueur-seueur deui.
Sapanjang seni budaya mung ukur dianggap barang kanggo hiburan, seni budaya Sunda moal pinanggih sareng komara aj�nna. Ku kituna pandangan sareng anggapan anu teu merenah t�h kedah ditar�kahan sina robih.
Upami ditit�nan kaayaan seni budaya Sunda ayeuna, aya anu nimbulkeun kareueus, matak ageung manah. Nanging aya deui anu matak pikasalempangeun, boa-boa baris muguran nu antukna mung kantun ngaran. Seni budaya nu matak janten bingah t�h tiasa tumuwuh ku karancag�an senimanna, upamina wa� jaipong, anu parantos ngalanglang dunya, seni karawitan anu dijejeran ku sad�r�k Nano, wayang gol�k anu ditaratas ku sad�r�k As�p Sunandar, gotong singa, rampak kendang, sareng sajabina. Dupi anu pikamelangeun, t�t�la langkung seueur deui, nya �ta kasenian tradisional anu kiwari kat�l�r-t�l�r, kirang dipiros�a.
Parasad�r�k anu dpihormat,
Paraseniman, budayawan, sareng masarakat urang ayeuna saleresna nuju aya di tengah-tengah adu hareupanana sababaraha kakiatan, upamina wa�
TRADISI X MOD�REN
PROF�SIONALISME X AMATIRAN
HUKUM ALAM: NU KUAT NGAGILES NU H�NGK�R
sareng sajabina.
Mayunan kaayaan sapertos kieu, urang teu tiasa cileureun, cicingeun. Hal ieu anu janten masalah urang kiwari t�h.
Sateuacan sim kuring mungkas pisanggem, aya anu hoyong didugikeun heula ka sdayana, ieu riungan Lawung Budaya t�h san�s kanggo madungdengkeun b�ntenna pamendak, san�s kanggo ngadu argum�ntasi, nanging kanggo nembrakkeun rupi-rupi masalah nu aya rambat kamal�na sareng seni budaya katut basa Sunda. Anu dipiharep ti parasad�r�k teu aya san�s kersa sasarengan ngawincik nu janten masalah urang t�a, lajeng kumaha cara ngungkulanana, sareng urang nyobi-nyobi bari prak ngagarapna.
Urang wujudkeun silihasih, silihasuh, sareng silihasah, tegesna: silihasih ku rasa mimitran anu wening, silihasuh ngaj�nan sasama numutkeun prof�sina, silihasah padanambihan katerang.
Mung sakitu anu dipisanggem.
Wabillahitaufik wal hidayah,
Wassalamu 'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Catetan: Ieu biantara didugikeun ku Acil Bimbo,
dina riuangan Lawung Budaya Bogor, 11 Oktober 1987.
Sumber: Drs. Tatang Sumarsono. 2006. Biantara Basa Sunda.

Bandung: CV Geger Sunten.

(http://sundagasik.blogspot.com/2010/01/biantara-bubuka-dina-acara-lawung.html)

Description: Contoh Pidato Biantara Sunda 1
Rating: 4.5
Reviewer: Unknown
ItemReviewed: Contoh Pidato Biantara Sunda 1

Leave a Reply

Monggo Tinggalkan Jejak Kaks :)

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

Welcome to My Blog

Popular Post

Labels

Arsip Blog

Followers

- Copyright © 2013 shad0w-share | Designed by Johanes Djogan -