Posted by : Unknown Jumat, 23 Juli 2010

Tatakrama Gaul dina Kahirupan Sadidinten

Assalamu�alaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng sukur ka Alloh SWT.
Hadirin anu sami-sami dimulyakeun ku Alloh, dina ieu kasempetan sim kuring bade medar �Tatakrama Gaul dina Kahirupan Sadidinten�.
Dina kahirupan sadidinten tangtos urang teh kedah campur gaul, margi upama teu kitu tangtos hirup urang bakal �kuper� alias kurang pergaulan. Namung kedah diemut omat dina campur gaul teh urang terang tujuanana kanggo naon, supados henteu salah kaprah. Komo dina milari sobat mah, kedah leres-leres nu ku urang tiasa diajak dina kasaean, sanes ngajak ka urang kana jalan nu teu sae.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat, geuning aya kalimah nu nyebatkeun pangsae-saena sobat dina campur gaul teh nya eta sobat anu tiasa nuduhkeun urang kana jalan kasaean. Janten sanes sobat upama eta jalma teh ngajak ka urang kana jurang kahinaan. Ulah lepat, masarakat di urang mah masih keneh nyepeng tata, titi, tindak, tanduk, sareng sopan santun nu ku urang kedah dipilampah. Upama urang teu milampah eta tatakrama tinangtu urang bakal dicap jalma �nu kurang tatakrama�, jalma teu sopan, jalma nu teu hade budi basana.
Hadirin nu sami hadir, kiwari kiwari seueur pisan para rumaja nu teu nganggo tatakrama. Boh dina campur gaul, atanapi dina ngajalankeun kahirupanana sadidinten. Contona seueur rumaja putri kiwari, nu teu tiasa ngajalankeun tatakrama dina nganggo busana acuk pungsat sareng merecet, dugi kaorat nu sakedahna ditutupan teh, kabuka ku acuk nu sapertos kitu. Pan matak lingsem ningalna oge.
Hadirin nu dipasihan rahmat ku Allah SWT. Hal nu sapertos kitu teh panginten hasil nitenan tina budaya deungeun. Hanjakal budaya nu awonna dicandak teh, sanes hal-hal nu saena. Busana sapertos kitu pantes kanggo urang barat mah, tapi teu pantes upama dianggo ku rumaja putri anu nyepeng tata, titi, tundak-tanduk, duduga peryoga dumasar kana agama sareng darigama mah.
Hadirin anu sami-sami dimulyakeun ku Allah, mung sakitu biantara ti sim kuring, mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Upami tea mah aya kekecapan nu lepat, eta mah dongkapna ti sim kuring, atuh nu saena sumpingna ti Allah SWT. Hapunten bilih aya cariosan anu pondok nyogok panjang nyugak.

Wassalamu�alaikum Wr. Wb.

(http://umansidik.blogspot.com/2010/03/contoh-pidato-bahasa-sunda.html)

Description: Contoh Pidato Biantara Sunda 8
Rating: 4.5
Reviewer: Unknown
ItemReviewed: Contoh Pidato Biantara Sunda 8

Leave a Reply

Monggo Tinggalkan Jejak Kaks :)

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

Welcome to My Blog

Popular Post

Labels

Arsip Blog

Followers

- Copyright © 2013 shad0w-share | Designed by Johanes Djogan -