Posted by : Unknown Jumat, 23 Juli 2010

Pidato Pupuhu YPDS

Ieu naskah biantara Ketua Yayasan Pendidikan Dayang Sumbi, Dr. Iwan Inrawan Wiratmadja, Yayasan nu ngokolakeun ITENAS, dina acara Sawala Saptu kamari. (Anjeuna dosen di Teknik Industri ITB. s1-na angkatan 78). Abah Surya oge masihan disket nu eusina naskah Sawala anjeuna (ngabahas buku SBjS tina segi Sastra & fenomena basa Sunda), ngan hanjakal disketna aya makro-an, virus jigana...
--------------------------------------------------------- ----------------------------
Hadirin nu dipihormat ku sim kuring, Assalamualakium warahmatullahi wabarakatuh,

Hapunten upami pangjajap ti sim kuring ngangge dua bahasa, Sunda sareng Nasional.

Tipayun, ngahaturkeun laksa keti kabingahan kana kadongkapanana dina ieu acara. Mung neda dihapunten upami panampina kirang nyugemakeun, oge wirehna Rektor Itenas, Prof. Djuanda Suraatmadja kaleresan teu tiasa ngahadiran ieu acara jalaran aya acara sanes di ITB.

Nami yayasan nu ngokolakeun Institut Teknologi Nasional (ITENAS) teh nyaeta Yayasan Pendidikan Dayang Sumbi. Parantos kauninga ku sadayana, Dayang Sumbi teh hiji tokoh dina legenda di Tatar Sunda. Asa merenah upami civitas akademika Itenas, ngiring ngarojong kana usaha-usaha ngembangkeun kabudayaan Sunda, sok sanaos ieu kampus teh udaganana dina widang teknologi, tapi da jalmi mah multi dimensi, unsur budaya kedah tiasa ngimbangan kamajuan teknologi. Teknologi ulah janten ririwa kanggo kamajuan budaya malah sing tiasa janten media kanggo ngembangkeun budaya urang sadayana.

Sim kuring ngiring bingah wirehna Lingkung Seni Sunda (Lisenda) Itenas -wadah mahasiswa kanggo dialajar kasenian Sunda- tiasa ngalebarkeun garapanana kana widang basa Sunda. Nuhun ka Komunitas Urang Sunda di Internet nu parantos ngajak mahasiswa Itenas ngiring ngembangkeun budaya Sunda utamina basa. Mudah-mudahan ieu tarekah tiasa ngiring ngahudangkeun Urang Sunda kanggo malire sareng ngembangkeun budaya Sunda, nanjeurkeun budaya Sunda di habibatna. Oge kapayun, sim kuring miharep, kagiatan teh tiasa ngawengku bidang-bidang sanes perkawis Sunda sareng kasundaan.

Sakali deui sim kuring kacida nganuhunkeunana ka sadayana anu parantos kersa sumping nohonan pangulem di Lisenda, teu kalangkung ka Bapa RH Hidayat Suryalaga, ka Ibu Aam Amalia, ka Bapa Adang.S sareng ka Bapa Ibing Kusmayatna, nu parantos kersa sumping. Urang sadayana tangtos moal bireuk deui ka ieu opat inohong, nu tangtos hadirin sadayana parantos uninga, kukituna mugi mugi ieu pajemuhan janten hiji pamuka lawang kanggo kagiatan salajengna. Tina ieu pajemuhan mugi mugi aya hasilna, anu tangtos janten pi-kareueuseun urang sunda sadayana

Sim kuring kantos nguping aya harewos bojong wirehna dina danget ieu budaya sunda khususna basa sunda sapertos anu kirang dipalire, utamina ku generasi anom, kalintang matak hanjakalna upamin eta harewos bojong teh leres, lebar bilih engke anak incu urang sadayana nguping basa sunda mung ukur dina dongeng, malih kapan aya heureuyna moal enya upami hoyong diajar budaya sunda kedah ka walanda atanapi ka Australi.Upami tea mah leres kitu lebar temen.

Sasieureun sabeunyeureun, ieu kiprahna Lisenda mugi janten tawis urang sunda teh masih keneh micinta kana budayana sareng kana basana.
(http://dudijeungurangsunda.blogspot.com/2002/06/pidato-pupuhu-ypds.html)

Description: Contoh Pidato Biantara Sunda 10
Rating: 4.5
Reviewer: Unknown
ItemReviewed: Contoh Pidato Biantara Sunda 10

Leave a Reply

Monggo Tinggalkan Jejak Kaks :)

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

Welcome to My Blog

Popular Post

Labels

Arsip Blog

Followers

- Copyright © 2013 shad0w-share | Designed by Johanes Djogan -