Posted by : Unknown Selasa, 26 Februari 2013

NYI DEWI SANG HYANG SERI
Oleh Moddi Madiana

Nyi Dewi
Pelak Ambu ti kahyangan
Dipale jampe pamake
Ti hiji jadi harti
Saranggeuy mawa geuhgeuy
Diraksukan jarami nyari, disalendang hejo mawa sono
Nyi Dewi sidengdang jadi sawangan
Ngadampal amparan jagat
Sajagat kariksa rasa

Trung kentrung, ngelentrung disaung lisung
Ngudar raksukan sang dewi, nyacas bodas ngaras beas

Nyi Dewi, ulah nangis
Geusan nyorang titis tulis
Sing rido karerab kahaseupan
Khatam dawam, tapa luhureun hawu
Sangkan asak pangeusi awak

Sari anjeun jadi daging
Nu ngaping tulang jeung sumsum
Asih anjeun ngajirim beubeureum getih
Minangka wiwaha pulas kasuka
Komara rasa jadi cahya
Nyaangan lampah ku lengkahna
Deukeut paneuteup jero panenjo
Geusan nanggeuy angkeuhan maneuh

Trung kentrung ngelentrung panyaur nu luhung
laku manggih tungtung
Mangsa wanci jadi ciri nyorang pipir takdir

Laa Ilaha Ilallah Muhammad Rasulullah.

Subang, wanci janari 7 Maret 2009

Description: Nyi Dewi Sang Hyang Seri Oleh Moddi Madiana
Rating: 4.5
Reviewer: Unknown
ItemReviewed: Nyi Dewi Sang Hyang Seri Oleh Moddi Madiana

Leave a Reply

Monggo Tinggalkan Jejak Kaks :)

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

Welcome to My Blog

Popular Post

Labels

Arsip Blog

Followers

- Copyright © 2013 shad0w-share | Designed by Johanes Djogan -