Posted by : Unknown Selasa, 26 Februari 2013

TUBAGUS DAKKA
Karya Moddi Madiana

Rengse nyindekeun sibungsu Maeswati Asmayawangi lebah Cikundul
Ki Bagus Dakka ngandika ka sang rai, Bagus rangin
mimiti poe ieu,wayahna urang papisah
engkang rek ngenca muru lamping kaler tangkuban parahu
jug geura lumaku katatar wetan priangan
ulah nyabeulah tina kecap jeung uratna bismillah

Di lamping kaler,
ngaruat jagat ngarumat adat
mapatkeun sahadat jeung shalawat
nyorang hakekat ku sare�at
nyusud ajen ma�rifat ku raketna tarekat

Ki Bagus Dakka.
Ngababakan di sarakan anyar
Nyaung-nyaung sisi wahangan
Nandean cai nu ngagenclang ku jolang
Geusan susuci muru pangwarid ku wirid
Leukeun meuseuh angkeuhan
Miceun daweung kuageman
Netepkeun karep kataqwaan
ngajembarkeun sukma sajatining diri ka Illahi

Lampah merenah jadi pataklidan
kahot lain pedah kolot
digjaya teu lantaran pangabisa
sabar jadi ubar, tawakal mangrupa akal
ngaderes karahayuan ka dulur di unggal lembur
ngalarapkeun amanat Kangrama
� Dia mudu geus tarapti kana harti kakasih Illahi ulah deuk nyempad kana lafad
geura gero jerona warro
dina tapak jeung lacak memeh kiamah �

Subang, Tengahna Mulud 1430 H

Description: Tubagus Dakka Karya Moddi Madiana
Rating: 4.5
Reviewer: Unknown
ItemReviewed: Tubagus Dakka Karya Moddi Madiana

Leave a Reply

Monggo Tinggalkan Jejak Kaks :)

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

Welcome to My Blog

Popular Post

Labels

Arsip Blog

Followers

- Copyright © 2013 shad0w-share | Designed by Johanes Djogan -