Posted by : Unknown Selasa, 26 Februari 2013

KISUNDA DIGJAYA
Karya Moddi Madiana

Bejakeun ka srangenge nu meletek saban janari
Kami datang ti handapna handap rek muru luhurna luhur
Seja neang jeritna langit sugan kapulung palung
nu ngagulung ditutung balung
Hey rajana beurang����������..
Kadieukeun panon panenjo,kadieukeun leungeun paneunggeul
Geura sampakeun pakarang perang
Kami rek balitungan maragat nyawa sang dajal
Sina ngababatang lir babadak
Teundeun kasieun singlar kamelang
Nguyup patidiri seja matri kawani
Demit berewit geura nyingkah ��������
Ngaing rek miang muru tungtung deuleu
Tong boro ukur dicangcang raga
Najan dicacag diwalang-walang kami moal rek hariwang
Sabab kami boga keneh rasa anu salawasna bakal ngajomantara
Geura papag mangsana Kisunda digjaya
Mun geus kapurak ucap boa
Ngaing bakal mulang bareng jeung datangna beurang

Hotel Marbella Anyer Banten 27 Juli 2010 dina lolongkrang Kongres Paguyuban Pasundan ka 41

Description: Kisundan Digjaya Karya Moddi Madiana
Rating: 4.5
Reviewer: Unknown
ItemReviewed: Kisundan Digjaya Karya Moddi Madiana

Leave a Reply

Monggo Tinggalkan Jejak Kaks :)

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

Welcome to My Blog

Popular Post

Labels

Arsip Blog

Followers

- Copyright © 2013 shad0w-share | Designed by Johanes Djogan -